Cerita Masa Lalu (Kolobot Ua Sahidi)

Tulisan dibawah ini menceritakan kembali tentang pengalaman kakak saya, Rudi Santosa (beliau adalah kaka kandung ke-3 dari 5 kaka kandung yang saya miliki). Kemampuan mengungkapkan cerita yang beliau sampaikan dengan kalimat deskriptif sangatlah bagus seolah membuka kembali ingatan akan masa lalu  semasa kecil hidup saya dijalani di Desa Sadewata, Kabupaten Ciamis bersama Ema Asih Hafidzahalloh dan Bapa Usman Rohimahulloh. Oleh karena itu saya menjadi sangat tertarik untuk menuliskan kembali tulisan tersebut (https://www.facebook.com/rstsantosa?ref=ts&fref=ts). Selamat membaca!
Dulur-dulur, batur, atawa tatangga nu sok dihariras mantuan ngagawèan ngolah sawah tèh loba pisan. Ngan nu apal ngaranna saukur sababaraha urang lantaran papanggihna gè arang langka, biasana mun pareng poè liburan sakola wungkul bisa ulubiung ngobrol tèh. Nu loma pisan mah komo bisa diitung. Nu panglomana ku kuring disebut Mang atawa Ua, salahsahijina Ua Sahidi. Nurutan panggero ti kolot sorangan waè. Ongkoh salian ti èta sigana mah masih katalian kènèh ku dulur, kètang. Duka ti rundayan palih mana da tara pirajeunan tetelepek. Pokona Ua waèh. Kacipta kènèh, anjeunna jalmana jangkung badag, dada sembada, sepir pating berehil kacitak tina gawè beuratna unggal poè nu teu weleh ngahualkeun taneuh sawah. Pangsuhudna kana gawè, asana tèh unggal minggu aya waè sagawè-gawè mantuan kulawarga bèbèrès di sabudeureun lingkungan imah. Duka boa unggal poè gè gawèna tèh di imah sugan. Pan arang panggih tèa ari kuring mah cènah lin? Bisaan jeung rapèkan gawèna tèh lain sakadar ngan bisa macul sawah wungkul. Mangnyieunkeun kandang hayam gè hadè gawèna. Sigana boga kaahlian tukang ongkoh.
Mun pareng kabagian milu nganteuran keur dalahar nu nyarawah, sok ngahaja ningalikeun polah Ua Sahidi. Bèrès balakècrakan tèh anjeunna sok sila dina batu lèmprah tengah sawah nu kotakanna gede, heueuh da masing di sawah gè aya sababaraha siki batu baradag pisan, kawas nu ngahaja diamparkeun, èta ngaran tempatna gè Sawah Bentang. Bentang pan ngampar nya pating garunduk umpluk-umplukan aya nu lembut aya nu badag sigana mah? Terus anjeunna ngaluarkeun dompèt bako molè hideung, buatan Cikijing asana tèh. Mun ayeuna mah dompètna tèh sagede tempat sarung cap atlas atawa cap mangga nu diseletingan. Mimiti ngaluarkeun kolobot daun kawungna, terus dieusian bako diratakeun, tengah-tengahna dipurulukan siksikan kembang cengkeh, digulung waèh, dikuluntungkeun ngajadi roko kawung. Cekrek cekrek ngahurungkeun seuneu tina panèkèr. Geus hurung, nyot diudud, serebung serebung, mumbul ka luhur, kuat ka peureum beunta. Nikmaaat sigana tèh. Seungit da ambeuna roko model kitu mah lantaran meureun pedah nu dibeuleumna ngandung bako asli jeung cengkeh, teu kawas roko jaman ayeuna loba bahan kimiaan panambah rasa nu dibeuleumna, jadi bau teu pararuguh. Teu cukup sabatang ngabako kolobot kawung kitu mah, paling henteu dua batang bèakna tèh. Pondok tuda ukuranna, dimunuukeun di palebah puhu, ka tungtungna mah dikempeskeun. Aya eta gè nu dilintingna modèl roko. Gumantung kabiasaan ogè meureun. Ngan hararese nyekelna dimodelkeun roko mah sigana tèh. Mun pahpir mah enya bisa meureunan,da bisa dilèm ku ciduh. Ih … jiji. Sakainget, kolobot kawung mah model rokona tèh leutik di congo. Kuma dinya wè lah. Calacahna sok ngahaja digundukkeun na sisi batu lèmprah nu aya caian, sina ngiluan ngeyembeng, geus maranti. Jeung kuntungna gè sakalian ditundana tèh. Mun ayeuna mah minangkana mah keur asbakna.
Tah, beres ngaroko anjeunna neraskeun deui hanca gawèna. Tara gawè bari ngaroko jaman harita mah. Teu bisa kawas jaman ayeuna nu ngarokona makè roko hasil pabrikan, nu rokona bisa rapet kanu ngenyot. Roko lintingan daun kawung mah kudu dicekelan waè da teu aya lèmna, mun dikencarkeun tèh sok pating peletek ruhakna sumebar katiup angin. Gancang surupna. Ari kuring biasana sok mènta pangngalakeun belut ka Ua Sahidi tèh. Keur beuleumeun atawa bubuykeuneun kana hawu mangsa datang ka imah. Belutna garede keneh jaman harita mah jaba daroèh, lalempay. Mun keur dibeuleum tèh seungitna luar biasa matak ngogan rasa lapar. Belut hasil alam tèa atuh masih alami keneh kahakanannana, sèhat sugan. Biasana belut pating borèngkal mun taneuhna keur dipaculan. Kadangkala aya nu kapacul ogè. Mun teu dipesenan pangngalakeun mah tara ieuh diopènan èta sakadang belut, diapilainkeun waè ku Ua Sahidi mah. Sok ditanya hayang mawa sabaraha-sabarahana. Paling loba menta tilu siki da harita mah pikiran tèh ngan keur sakuringeun wungkul, teu mikiran batur.
Ngala belutna gampangeun pisan, barang kecruk paculna aya belut nu ngaburingkal langsung ditèwak. Gep ku leungeun beulah kènca. Teu gerak deui tah si belut dipencet palebah beuheungna mah. Panasaran hayang apal sababna sanggeus sababaraha kali ningali carana ngala belut bet bisa kawas kitu. Sakali jadi. Saurna tèh, samèmèh nèwak belut, dampal leungeun keur ngala belutna dianclomkeun heula kana calacah na luhureun batu, jadina semu kesed kana dampal tur matak seuseut kana kulit belut. Moal nyamos. Geuning calacah tèh aya keneh mangpaatna , kawas make lebu meureun jaman ayeuna mah. Heueuh pan calacah tina kuntung tèh jadina lebu-lebu keneh ari loba mah. Geus dicepeng mah belut tèh ditiiran make jarami atawa gagang sampeu, pating pulintir jadina kawas untunan buuk. Song diasongkeun ka kuring bari tara nyarios nanaon, ngan mesem wungkul. Masya Allah. Mun ditiir mah sakadang belut datang ka imah tèh pasti geus jengker. Pareng mawa kompan mah sok diasupkeun kana jero kompan. Dina kompan mah belut tèh hirup bisa diisukkeun.
Panineungan jaman baheula basa leutik keneh. Ayeuna gè sarua leutik kènèh waè, geuning, wawanenna.

Keterangan :

Kompan = jerigen untuk mengisi air

Kolobot=daun aren yang digulung (biasanya digunakan untuk merokok)

 

Leave a Comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *